Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Naskah Biantara Basa Sunda

 

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh

Sampurasun....

Salam kawilujengan mugia salawasna nyarengan.

Girang pangajén biantara basa sunda anu ku simkuring kalintang dipihormat, bapak miwah ibu guru pangaping anu ku simkuring dipihormat, oge para pamilon pasanggiri biantara anu sami ku simkuring dipihormat.

Puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, Pangéran Nu Murbéng Alam, Allah SWT. anu parantos nakdirkeun urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan kalawan sehat wal afiat. Oge henteu hilap sholawat sinareng salam mugia salamina dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, nyatana habibana wa maulana Muhammad SAW.  natrat ka para kulawarga, shohabat sarta ka sakum umatna anu salamina tumut tur taat kana ajaran manten-Na, mudah-mudahan kalebet urang nu aya di ieu patempatan. Amin YRA .  

Hadirin anu ku simkuring dipihormat,

Dina kasempatan anu kalintang saena ieu, simkuring bade medar perkawis pentingna “ngamumulé basa sunda”. Naha kitu bet penting urang kudu ngamumulé basa sunda? Mangga urang kawitan ku nilik kana salah sahiji diménsi Profil Pelajar Pancasila anu ayeuna keur jadi sabiwir hiji di dunya pendidikan urang. Ti mimiti sakola anu aya di leuwung nepi ka sakola nu aya di puseur dayeuh kabéhanana ngupayakeun sangkan bisa ngawujudkeun profil pelajar pancasila di sakolana masing-masing.

Salah sahiji diménsi anu dimaksud kusimkuring di luhur nyaéta “Berkebhinekaan Global”, lamun dijéntrékeun, maksud berkebhinekaan global téh urang kudu bisa narimakeun jeung hormat kana sagala perbedaan nu aya, urang kudu ngabogaan jati diri nu sajati nu ngagambarkeun budaya luhur bangsa.  

Tah, didieu bahasa daerah teh kaasup tina perbedaan di luhur. Tina 718 basa daerah nu aya di Indonesia (numutkeun Badan Pengembangan dan Pembinaan Bahasa, Kemdikbud) salah sahijina nyaéta basa sunda. Lamun ku urang henteu dimumulé ti ayeuna kenéh, bisa jadi hiji waktu basa sunda sirna ti ieu Nagri. Atuh lamun basa daerah geus pada ngaleungit, moal pati nyambung eta kecap “Kebhinekaan” dilarapkeun. Moal éndah deui Bhineka Tunggal Ika téh.

Kukituna penting pisan urang salaku urang sunda, anu lahir jeung cicing di tatar sunda miara kana basa sunda kucara:

1.       Reueus nyarita make basa sunda lamun urang gaul di wewengkon sunda. Ulah nepika kolot urang asli ti sunda, cicing di wewengkon sunda, tapi diajak gunem catur make basa sunda henteu ngarti. Jawab na teh “ih ngomong apaan sih kamu?” Cik, simkuring bade tumaros, seueur didieu nu kitu seueur? Astagfirulloh....

2.       Terus sumanget diajar basa sunda anu bener tur merenah, utamina dina undak-usuk basana

Hadirin anu ku simkuring dipihormat,

Cindekna mah ngamumulé basa sunda téh sarua jeung ngajaga kautuhan Nagara Kesatuan Republik Indonesia. Lamun teu ku urang nya kusaha deui, Lamun teu ti ayeuna nya iraha deui, hayu urang pada-pada reueus tur ngamumulé kana basa sunda.

Siraru ngapung ka luhur

Panon poé bijil te wétan

Sakitu anu kapihatur

Hapunten bilih aya kalepatan

Wabillahi taufiq wal hidayah

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh

Post a Comment for "Contoh Naskah Biantara Basa Sunda"